Sabtu, 31 Maret 2012

MIARA ADAT KARUHUN SUNDA

Dina wanci jaman ayana adat kabudayaan sunda geus mimiti rada dipohokeun ku masyarakat sunda sorangan, sababaraha anggapan masyarakat sunda yen kabudayaan sunda teh cenah geus teu gaul sok padahal dina kanyataanana adat kabudayaan sunda teh istuning loba pisan anu mikaresepna, lain urang sunda wungkul anu mika resep kana adat kabudayaan sunda teh tapi bangsa dengeun oge loba anu mikaresep kana kabudayaan sunda.

Dina raraga ngahirupkeun deui "adat karuhun sunda" jeung ngadidik barudak supaya leuwih mikacinta kana kabudayaan sorangan di wewengkon SDN 3 Mekarsari unggal poe sabtu sok diayakeu pendidikan pengembangan diri anu tema materina "Nyukcruk Galur Para Karuhun" barudak sakola sok di alajar nyeun hihid, carangka, boboko, asepan, jeung sajaba-sajabana ngenaan alat rumah tangga anu sok dipake ku kolot urang baheula....lain ngan alat rumah tanga wungkul anu sok diajarkeun ka barudak sakola teh tapi barudak sakola sok di alajar kasenian sunda diantarana seni karawitan, Degung, Upacara Adat Sunda, sareng Calung. Anu mudah-mudahan generasi urang sunda ayena lewih mikacinta kana kabudayaan sorangan ulah kena ku pari basa " Cul dog dog tinggal igel".

Andrian Gunawan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar